Saturday, September 22, 2012

Tenjo Kupanon Buncelik


abdi...
mung saukur jalmi heureut pakeun pungsat bahan...
nu teu ngabogaan naon-naon di pagelaran dunya ieu...
kuring
ngan saukur jalma bodo...
nu teu ngarti naon-naon...
teu alewoh-alewoh acan..
dewek
ngan saukur jalma hina
nu hanteu mibanda martabat nu luhung
cara nu lian,nu teu weleh diugung-ugung
aing...
teu pantes ditenjo ku sabeulah mata keur andika...
malah mandar ukur pantes jadi runtah...
pikeun hirup andika...
tapi ngaing...
gableg naon nu hanteu dipiboga ku jalma nu cenah leuwih...
pireng ku dia sakabeh....
ngaing hanteu pernah jajaluk ka dia sakabeh...
hampura...
harga diri ngaing leuwih luhur batan nu disangka ku dia sakabeh...

Newer Post Older Post Home