Ébréh jéntré rahayat nu malarat bari euweuh kabosen,
sanajan maranéhanana kudu ditataranjang jeung kalaparan,
Sanajan kahirupan ieu téh pikagumbiraeun,
tapi teu leuwih ngan saukur angkeub ‘na mangsa halodo nu pasti baris ngaliwat.
Kunaon ajeun bet ngahuru cipanon anu geus tuus,
Nu nyieun karémpan sabudeureun kalbu.
Loba kénéh pagunungan nu can ditalukeun,
Nu ajeg nanjeur ka luhur langit,
Sakumaha kuring gé can bisa nalukeun diri pribadi.
Kamari mah karasana jiwa téh siga nu rék ngalayang,
Tapi poé éta kabéh geus ditalukeun,
Moal rék nyeungceurikan anu geus euweuh,
Moal rék nyeungceurikan nu bakal indit.
Éh kalangkang nu nutur-nutur,
Demi jiwa nu nganjrek dina raga kula,
Kunaon andika teu aya datang, nalika ieu panon hayang ninggali,
andika siga nu éra pédah darajat kula leuwih luhur.
Kula moal tigebrus kana jurang kanistaan andika,
Kula moal asup ka jero jurang andika nu poék mongkléng,
Sabab kula geus meunang satétés asa di luhureun pancaniti andika tuh di luhur puncak itu di puncak singgasana andika.
Ikhlaskeun kula mulang di jalan kula,
ikhlaskeun kula mulang di jero nur-cahya.
Andika montong mimilu ka kula,
di tukangeun hahalang hideung nu nyimbutan siga ibun di gunung halimun nu heuneuk tur maleukmeuk,
nu matak kula teu bisa ngaléngkah.
Dada kula eungap alatanana,
Dada kula eungap alatan kacangcayaan,
tapi kacangcayaan éta geus musnah,
kacangcayaan kula geus jadi awal kahadéan,
ciibun geus leungit ilang lebih tanpa karana,
Angin ilahi niupkeun kaaral,
Angin surgawi ngaping kula unggah ka itu puncak,
Laskana palita lir dammar awak,
nyaangan raga nu suda.
Hé kalangkan nu maturan lalampahan kula,
Naha andika nu sok ngahalangan kula téh,
Tapi di puncak nu itu kula geus hasil nalukeun jiwa kula atawa bisa baé jiwa andika nu ngaragasukma dina jiwa kula,
Kula rék nguhuripan jiwa kula nu geus palastra kalayan tumaninah tur mutmainah,
Mun andika geus nampa cahaya dina dua beulah panon kula,
Tapi di jero nurani kula jeung kolbu kula masih aya cahaya,
cahaya ALLAH nu bakal terus nyaangan,dina wanci poék mongkléng buta rajin ngarogahala.